Ieu kaca geus divalidasi
Aeh-aeh ka Banjaran,
meuli opak jeung rangginang,
Paeh ge teu panasaran,
seubeuh tumpak kahar nongnang.
Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Limbangan bae,
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.
Lain teu hayang ka Bandung,
teu kuat ka Paleredna,
Lain ku teu hayang nyandung,
teu kuat ku cerewedna.
Alus teuing jalan kidul,
garokgek loba batuna,
Alus teuing lanjang kidul,
rarodek loba kutuna.
Harunung unggah ka gunung,
melak kupa teu dikored,
Ari pundung los ka indung,
boga mitoha cerewed.
Itu gunung-ieu gunung,
gunung pangupukan puyuh,
Itu pundung-ieu pundung,
pundungna teu puguh-puguh.
Mihape sasak Cihurang,
bisi bobo pangdeudeulkeun,
Mihape budak saurang,
bisi loyor pangneunggeulkeun.
136