Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/149

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Babakan rea muncangna,
muncangna karosong kabeh,
Babakan rea bujangna,
bujangna barohong kabeh.

Tarikolot Bantarkaso,
Babakan rea hayamna,
Beuki kolot beuki nyoso,
beuki rea kahayangna.

Garicu jalan ka huma,
kendi dibeungkeut ku tali,
Rea kutu loba tuma,
mandi sa-Mulud sakali.

Ulah kena-kena pacet,
los ka leuweung meuncit meri,
Ulah kena-kena kasep,
anak deungeun dinyenyeri.

Babakaur dina kasur,
darengdeng dina lawayan,
Teu kaur balas disaur,
boga sendeng panakawan.

Cika-cika los ka jami,
nya meri los ka walungan,
Siga-siga sobat kami,
kaciri euweuh irungan.

Anjing belang anjing hideung,
kasintu dina sayangna,
Henteu melang henteu nineung,
ngan sakitu kahayangna.

137