Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Anjing belang anjing hideung,
anjing koplok di astana,
Henteu melang henteu nineung,
ka nu bolotot matana.

Hariring handapeun kadu,
kakawihan diigelan,
Murang-maring eleh ngadu,
pamajikan diteunggeulan.

Kolecer aeh-aehan,
ngabentar kana kaliki,
Awewe sok kapaehan,
hayangeun boga salaki.

Kenceh koneng-kenceh koneng,
sireum hideung dina batu,
Majar maneh lengkeh koneng,
kulit beuteung mani nambru.

Itu wayang-ieu wayang,
teu kawas wayang Arjuna,
Itu hayang-ieu hayang,
teu kawas hayang ka dinya.

Ku naon panggung tiguling,
mais bogo jeung tampele,
Ku naon embung ka kuring,
da rupa kuring ge hade.

Melak kukuk melak waluh,
ngarambat kana rerenteng,
Ki Kewuk rea kawawuh,
sobatna ka bapa kapten.

138