Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/151

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Bubur kunyit sakawali,
ngagolak teu diseuneuan,
Budak ceurik ti kamari,
indungna keur sosonoan.

Aya kuda susurian,
ditungtun ku anak Cina,
Aya budak seuseurian,
kasamaran ku akina.

Itu bulan-ieu bulan,
bulanna nojo ka leuit,
Itu bujang-ieu bujang,
bujang teu baroga duit.

Sieun jurig jeung ririwa,
jalanna ka Cibulakan,
Matak ijid matak ngewa,
aya randa pupundakan.

Tikukur ngariung gunung,
japati anakan hayam,
Sukur-sukur lamun pundung,
kami ge teu pati hayang.

Japati anakan hayam,
manuk sapu jeung ekekna,
Kami oge henteu hayang,
ka nu buluan kelekna.

Batur dibaju kimono,
badi mah dika-parakeun,
Batur mah dipikasono,
abdi mah disapirakeun.

139