Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/157

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Bangkong deui-bangkong deui,
    ka cai teu dikarikeun,
    Bohong deui-bohong deui,
    pasini teu didugaidekan.

    Kanyere di luhur pancar,
    ka Cikamek peuli pupur,
    Barang bere ka nu nyiar,
    manepuk saumur-umur.

    Akang ual baju kamprat,
    alun-alun Sukamandi,
    Akang poma ulah melet,
    laun-laun oge jadi.

    Tiltiling manuk Sembawa,
    si Kabayan ditrampah,
    Teu jungajing-ingging teu mawa,
    rek nanyan anak lurah.

    Hayam saha rengo koneng,
    kararas dijihen soga,
    Lanjang saha pendek koneng,
    kawas taya anu boga.

    Saung janggungan paning jungjangan,
    hese dihateupanna,
    Amun jangkung paning janggan,
    hese dikekeupanna.

    Peupeureuman-peupeureuman,
    amis soteh dirajan,
    Peupeureuman-peupeureuman,
    geus soeh diponain.

Sisindiran 10

145