Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/159

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    Nyiar awi ka iwungna,
    nyiar pacar ka Cinangka,
    Niat kawin ka Indungna,
    ari jadi ka anakna.

    Itu mayang ieu bitung,
    darareukeut awi tali,
    Ita hayang ieu embung,
    darareukeut teu ngajadi.

    Ka Cilaki nuar awi,
    ka tilu hayang ka cucukna,
    Aki-aki anyar kawin,
    teu kaur ngasuh incuna.

    Ku naon awi kirisik,
    lebah nas dipotongan,
    Ku naon si Nyai ceurik,
    kagagas ku popotongan.

    Teu nyana ka awi wulung,
    karung gede di bukuna,
    Teu nyana ku anu jangkung,
    kurang hade pamangkuna

    Awi kasap haur koneng,
    dihua roreng udatna,
    Najan kasep jangkung koneng,
    teu sukar goreng adatna.

    Teu kudu naratas jami,
    awi moyan papayungan,
    Teu kudu mapanas kami,
    teu hayang ka nu rayungan.

147