Ieu kaca geus divalidasi
III. SISINDIRAN URANG BADUY[1]
Melak pandan diburuan,
najar reujeung malati,
Ulah waka timburan,
da tacan jadi salaki.
Kaos pondok kaso panjang,
kaso ngaroyom ka jalan,
Sono mondok sono manjang,
sono papanggih di jalan.
Meujeuh diangir ku jeungjing,
geura ganti ku kihiang,
Meujeuh ngibing engeus peuting,
geura ganti ku sambahyang.
Kapinis di mana mandi,
nya mandi di cai leutik,
Nu geulis di mana jangji,
nya jangji omong saeutik.
Daek kami tumpak jentas,
deuleuma tangkal kipiit,
Daek kami ka urang peuntas,
sakitu murah kalepit,
- ↑ Urang "Luar-na": Sawatara sisindiran sok ngadenge di tempat sejen.
149