Ieu kaca geus divalidasi
Daun mara ditepatan,
ditanggung ku pimangseun,
Eweranda jijingkilakan,
neangan pisalakeun.
Anak kerak dina batu,
dibeng chiper katampian,
Anak reway hejo tanaman,
inum heung hayang lakian.
Daun pulus diulununan,
kaso handapeun Kilaki,
Sugan tulas lalaunan,
kasorangan sia kalaki.
Boboko dipara bale,
heubeul-heubeul bet kabeuleum,
boboko ti karak baleg,
heubeul-heubeul bet ka dengdeum.
Gula tiwu gula batu,
ka leuwi neangan kany,
Haliwu nyiar minantu,
nyiar leuwih batu kaina.
Sarangka goko di hateup,
katajoing ka bawa-bawa,
Parajaka goreng hapeuk,
neunang henteu barangbawa.
Kipas kiray-kipas kiray,
boboko dianyam bakul,
Tiws urang tiwas urang,
kabogoh dila batur.
155