Ieu kaca geus divalidasi
Ka mana boboko kula,
ngan aya bakulan bae,
Ka mana boboko kula,
kaya aya baturna bae.
Nyieun pendok jadi lanjam,
atah beuleum kurang peupeuh,
Ku nana enok midangdam,
teu napa bay bela.
Ka Gintung ka Parungkeujang,
niyar belenyit beuleumpeun,
Ngalantung ngajekeun bujang,
resu beungit geureuungeun.
Ka leuweung-leuweung ku dangdeur,
ka Bogor ngajual sela,
Ka Cianjur ngala beubeur,
kabogoh teu daek bela.
Kiray leutik langkoan,
buahna ka congo-congo,
Budak leutik bobogohan,
kolotna teu nyaho-nyaho.
Kajeun tieung tungtung kusut,
malecla silu guling,
Kajeun teu geuning suling,
ceu na eta ka kuring.
Cau raja turun jantung,
jadikeun sahaya bae,
bay na bae taya tangtung,
jadikeun baraya bae.
156