Sakapeung sok aya oge nu ngangartianan, ngirata nu lain-lain, dumeh ngadenge beja, menak sok surti tea, kasauran bener- bener dihartian sindir, atuh tangtu pasalia jeung karep anu sasauran, da puguh itu mah sasauran satarabasna, ari ditampana sindir. Batur ngaler, ieu ngidul.
Perkara salah harti kieu teh aya nu matak pasea atawa mumusuhan, aya oge nu matak seuri.
Uan Dulah nyobat pisan jeung Pangeran Bunut, anu dikendangkeun ka Banjar (Priangan) tea, jeung nyobat oge ka Walanda Kloosmeyer, tapi Kloosmeyer keur rada bendeng jeung Pangeran Bunut.
Dina hiji poe Kloosmeyer sumping ka bumina Uan Dulah; kabeneran Uan Dulah seweng, keur aya di Pangeran Bunut, bumina teu jauh ti bumina Uan Dulah. Ngarah Uan Dulah tingalieun, yen di bumina aya anjeunna, tuluy Kloosmeyer miwarangan rencang Uan Dulah mawa teteken anjeunna dipiwarang disanggakeun ka Uan Dulah. Barang ret katingali ku Pangeran Bunut, teu kira-kira bae benduna, harita keneh nyandak pedang; sabab dihartianana Kloosmeyer ngajak gelut, dumeh ngirimkeun iteukna.
Hadena dipeper ku Uan Dulah . . .
Eta salah harti anu matak jadi pasea atawa mumusuhan.
Ari anu rek dicaritakeun ieu mah, di handap, matak seuri.
Di hiji kantor kabupaten keur pakepuk ngarapetan kertas, harita pangrapetna beak. Wadana kota tuluy nyaur parentah desa, urang pasisian, nu kabeneran aya di dinya, nimbalan meuli „ka” ka pasar keur pangrapet.
Eta kokolot desa ngahuleng, teu ngarti ari „ka” teh naon; arek naros isin, bisi disebut jelema dusun, jauh ka bedug. Tapi ngahulengna henteu lila, geus kapikir ku manehna maksudna eta sindir teh, cek pikirna :
„His menak surti kuring harti, moal salah „ka” teh