Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

an.”

Tuluy manehna teh ka pasar meuli kahakanan.

Teu kudu dicaritakeun deui eta peta kitu teh tangtu matak jadi ager-ageran urang kantor kabupaten, malah nepi ka ayeuna aya keneh caritaanana geuning.

Anu kaasup kana bangsa sindir: siloka, babasan, paribasa, perlambang, sasmita.

Tatapi hal siloka jeung salianna moal dipedar di dieu, eta oge sindir, diterangkeun soteh di dieu, lantaran kabawa ku kecap sisindiran, dumeh dianggap asal kecapna, lain ngahaja rek ngadadarkeun bab eta. Sugan engke ka hareup urang ngahaja nyieun buku bab sindir jeung sabangsana.

Kumaha usul-asalna nu matak aya sindir?

Urang Sunda boga hiji watek: embung nyieun teu ngeunah ka batur. Sagala perkara anu piteungeunaheun batur disingkiran pisan, istu dipahing cara kapamalian bac. Upama aya kalakuan batur anu matak teu ngeunah ka manehna, dibelaan kuru balas ngakandung batan bitu kanyeri mah. Nya, ieu adat ayeuna geus aya oge robahna, lantaran kadupak ku ombak paneka jaman, geus rea barudak ngora jaman kiwari anu teu euleum-euleum nyebutkeun kasalahan batur dina medan atawa di pasamoan. Alam ka tukang mah nu kitu teh arang-langka pisan. Lamun manehna kapaksa kudu ngedalkeun kateupanujuna, dumeh geus teu kawawa, nya dibijilkeun ku sindir, ngarah kahartieun ku nu ngadirian bae, ari nu lian mah teu ngalartieun, da katimbang ku manehna teu perlu nyahoeun bisi anu ngadirian eraeun.

Aya deui sindir anu dipake keur moyokan batur. Dina lebah dieu mah lain dipambrih kahartieun ku nu ditujul, nu dipalar ngarah puas hate manehna bae atawa katut batur nu sauyunan. Anu arahli nyindiran kieu, urang Cianjur, urang Ungkal jeung urang Menes.

Istri priyayi anu anyar pindah ka Cianjur, biasana upama rek

7