deudeuheus atawa nganjang ka kanca priyayi deui, sok dianteur ku kanca istri deui nu geus rada loma. Upama nu dianjangan hayang nyahoeun turunan-lainna, sok ku sindir bae sarta teu siga-siga, estu kawas carita sakeplasna:
„Ieu aceuk teh meuli cacangkir kakara kamari. Lucu, nya ayi?”
„Sumuhun, nanging hanjakal sanes poslen.”
Hartina, cek pribumi:„Ieu semah teh tegep.”
Cek nu nganteur:„Yaktos tegepna mah, nanging sanes menak.”
Wadana Conggeang anyar, kamashurkeun menak pinter naker, perceka ahli bicara. Nanging ku urang Ungkal mah teu burung kapalingan. Kieu caritana: Dina hiji poe, samulihna ngaronda ti Ungkal, anjeunna rada nyeukseukan ka Jurutulis Wadana, dumeh Jurutulis geus unjukan ka anjeunna, majarkeun urang Ungkal paroyokan, tapi ari buktina bet teu paroyokan teu naon. Barang juragan Wadana geus lebet ka bumi, upas Dita, nu tadi dicandak ngaronda ku juragan Wadana ka Ungkal, unjukan ka Jurutulis :
„Ketah gamparan, puguh bae dipoyok mah juragan teh tadi; ngan urang Ungkal tea bae barisa, rarapat. Nalika ngahaturkeun tuangeun moyokna teh. Kieu pokna nyanggakeun tuangeun, nanging lumayan pisan, teu aya pangiringna, kawantos di Ungkal mah teu aya naon-naon kajabi ti getok.”
Di Menes aya haji, sorbanna soeh saeutik, nganjang ka kawawuhanana.
„Pamajikan, naha tetenong teh ku beurit ?” cek pribumi ka pamajikanana.
Pamajikanana norojol ti imah, ret ngareret kana sorban ki semah „Enya, puguh kakara kanyahoan ayeuna,” tembalna bari