Kembang bodas buah buleud ( = jeruk) kuring ngan bati ngaheruk.
Jukut situ jarnpang sawah ( = malela) engkang nu bela ka nyai
Nilik wawangsalan nu di luhur, wuwuh teteg bae nya rasa, moal gagal asal-asalna sisindiran oge nya cara ende-ende katerangan Prof. van Ophuysen tea, da puguh adat nyarita make isarat ku kekembangan jeung dangdaunan teh geus teu kalampah di urang ayeuna mah ; tapi aya hiji-dua adat di urang, anu ngenyakeun kana katerangan di luhur, nya eta unak-anik dina ngawinkeun anu aya sasmitana, saperti panganten lalaki nincak tunjangan anu ditumpangkeun kana cowet dieusi endog, ngarah cowet jeung endogna peupeus, eta nyasmitaan kudu satunjangan nya laki-rabi ; palita sumbu tujuh dina ajug, diseungeut, hartina : poek kudu silih darnaran ; harupat diduruk; maksudna meuleum adat getas harupateun; kanteh rambu, tegesna nyi panganten awewe nu seungkeur ngeuyeuk.
Di Banten rupa tali roko sok dipake isarat nembongkeun rasa hate anu ngirim ka nu dikirim; uparna rupana :
| hejo | = | hartina | hayang | nenjo |
| hideung | = | " | " | nineung |
| bodas | = | " | " | putih beresih, asih |
| beureum[1] | = | " | " | ngajak eureun, pegat kasuka. |
- ↑
Aya tambahna : paul = hayang disusul (biru = hayang milu); wungu = ditunggu; hawuk = ngajak diuk (ngahaturanan calik); gading = ngabejaan gering (di Banten mah gading teh sawomateng, pulas coklat) ; koneng = bendeng (arnbek, aya kakeuheul). Ari bodas nu matak dihartikeun asih, sabab bodas teh di Banten mah putih (putih = asih). Tali roko tea dijieunna tina benang sutra atawa mastuli, rokona roko kawung bako tongbu atawa tampang.
Ngaran wama tea dihartiananana kudu ku paparikan (padeuk:eut sora) kayaning : kejo - nenjo; hideung - nineung; putih - asih; paul - susul dspp. (MAS)