Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ku urang sok disambarutkeun, duanana disebutna sarua bae, padahal kapan bangunna, beda, ngahartianana lain deui, jadi pingaraneunana oge moal sarua. Di Jawa anu aya dina golongan a disebutna : wangsalan, anu dina golongan b parikan.

a. Wawangsalan

Urang Sunda anu arahli basa leuwih loba anu raresepeun kana wawangsalan manan kana paparikan, sarta martabatna oge kawas luhur wawangsalan, buktina geuning tara diparake kana cawokah, wungkul keur kana silih-asih bae, pangrungrum nu keur karungrungan.

Ari dipakena aya anu diselapkeun dina omongan biasa, minangka dijieun mamanis atawa kembanging basa.

Contona:

Ujang Uli mindeng naker ka Ki Jaka, kawas aya nu dianjing cai.

Hartina diheroan, da anjing cai teh sero.

Aya nu dirakit dijieun dangding; biasana dihartianana ditungtut dina eta padalisan keneh atawa padalisan nu ti heula dihartian dina padalisan pandeurieunana, saperti :

Kembang cau jantung ati kuring, tungtung heurap jungjunan pun engkang, bolang situ buah hate, kulah jero timbang umur, [1] sumur deet ulah bon diri, mute beureum najan nyawa, *) sumeja kahatur, kalakay daun kalapa, yasa temen ngabingbangkeun hate kuring, tobas menak sing welas.

Manuk apung saba reuma, manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan, hayam tukung bulu hiris, uyuhan teuing diri, bisa nyandangan kabingung, si cempa lalayaran, peurih nyeri diri kuring, jahe leuweung nya pikir puyang-payingan.


14
 
  1. Leuwih saengang, aturan sisindiran kurang bener.