Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sugan teh kukupu hideung, sihoreng sirama-rama.
Sugan teh kukuh nya tineung, sih oreng ka mana-mana.

Anu tilu padalisan :

1. Ela-ela sama ela, tarik angin ngadalingding, ninggang kana pare beukah. Lain kuring nu teu bela, ditarik kawin ngalinjing, teu bogaeun keur ipekah.

2. Entog pabaur jeung meri, kuma pianakeunana, sugan jadi tongki bae. Negtog pabaur jeung ny eri, kuma piakaleunana, sugan ku jalanan sae.

Salian ti dikawihkeun silih tempas, ieu sisindiran sok didangding dijieun tembang. Biasana sapada sisindiranana wungkul, sapada eusina wungkul, saperti :

1. Ngala hampo kana sumur, halangan ku gede cai, pisin pabaur jeung pinggan, melak jambe jadi kitri, tangkal jeruk parung-pungan, dipake nyayang japati.

Eusina :

Mo po ho satutup-umur, engkang ka salira nyai, isin pabaur jeung hayang, melang bae jadi ati, bakal hirup panungtungan, lamun teu nepi ka jadi.

2. Aya hurang dina situ, di kulah Ciawitali, di sawah angger ngocoma, nya ngocor jadi ngahiji, di girang herang caina, ka hilir herang beresih.

Eusina :

Urang teh bisa lumaku, di dunya sing ati-ati, sakadar bener lampahna, nya ati mangka berbudi, ulah lampah sambewara, Nu Mahasuci miasih.

Demi anu biasa jeung ahli sisindiran, babakuna ogel jeung ronggeng; ogel mah nyebutna teh lain sisindiran, sok rarakitan. Moal boa, pangna disebut rarakitan teh, dumeh dirakit pikeun kakawihan. Aya oge nu nyebutkeun, dumeh eta sisindiran dika-

16