PAMENDAK ANYAR
Bubuhan anu ngulik elmu teh teu eureun—eureun elmu naon bae —hasil ulikanana oge tambah poe tambah loba, maju kana kasampurnaan, lamun tea mah sipat dunya aya nu sampurna.
Patali jeung tambahna pangaweruh jelema, rea pisan pamendak heubeul anu diomean atawa diruag pisan ku pamendak anyar. Teu saeutik pamendak heubeul, anu keur basa kapendak mah asa pangbener-benerna, asa geus sampurna lebah dinya, tapi buktina sanggeus bab anu asa bener tea terus-tumerus diarulikna, bet teu suwung tina kakurangan, katunaan malah kasalahan.
Dina elmu basa oge kitu bae. Para ahlibasa atawa para sastrawan ngulikna teu eureun semet neplak atawa „ngajiplak” beubeunangan nu saheulaeun manehna bae, tapi bari nungtut maluruh, ngotektak, ngungkaban, ngorehan tina mangratus-ratus bahan; unggal aya bahan anyar diulik, ditalek, diuji, dibabandingkeun, teu aya bedana ti ahlikuman mendak bakteri anyar, ahlikimia manggih dat anyar, ahlipalak manggih bentang anyar, ahlituwuh manggih tangkal anyar jeung sapapadana. Anu bedana teh ngan prak-prakanana jeung pasangpetana ngulik bae.
Kitu deui tina bab sisindiran!
Ulikan para saderek saheulaeun kuring, ku nu maraca geus kanyahoan dina „Bubuka” ieu buku.
Dina umumna, karereaanana mah kuring pribadi ngahaminan kana pamendak aranjeunna, ngán dina lebah „Wincikan Sisindiran” nu kuring pasalia pamanggih. (Ngan ukur pasalia, henteu nepi ka patonggong-tonggong).