- nyangkewok teu kanyahoan. (tewok)
- Maung tutul saba kasur,
diri teu ngareunah cicing. (ucing). - Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang miasih. (kapal)
B. Conto nu dijieun sapada, upamana:
- Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani, kalong leutik saba gedang, bawaning sumedot pikir, kembang biru di astana, abot pisah jeung kakasih. (Kinanti).
- Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit, kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati, bale direka masjid, mun emut bati rumanjug, tegal tengah nagara, laun-laun sugan jadi, emas ancur teu kiat ku karipuhan (Sinom).
Wawangsalan cara anu ditembongkeun dina conto A jeung B di sawareh tempat aya oge anu nyebut bangbalikan, dumeh urang kudu neangan eusi sualan dina bangbalikan (satukangeun) kecap-kecap.
Supaya aya basa anu tangtu, ku kuring sesebutan atawa istilah bangbalikan teh diaku sarta dilarapkeun kana wawangsalan sarupa conto di luhur. Cindekna : ti ayeuna mah urang tetepkeun bae, wawangsalan sarupa kitu teh disebutna bangbalikan.
Conto A ku kuring disebut bangbalikan-lanjaran, ari conto B bangbalikan-dangding.
C. Conto wawangsalan anu sejen, nya eta anu didangding. leu mah lain dua ungkara tapi dua pada.
Pada anu ti heula disebutna cangkangna atawa sualanana. Ari nu pandeuri, disebutna eusina.
Nurutkeun taksiran kuring, ieu kabinangkitan nyieun