wawangsalan teh kakara kabeh-dieunakeun bae, sanggeus urang Sunda rea anu bisaeun ngadangding. Ari baheula mah, kawasna di Sunda teh henteu aya wawangsalan model kitu, sabab biasana sok ku paparikan atawa ku rarakitan bae.
Kabeneran kuring mendak sawatara sisindiran cara kitu di Baduy, wewengkon anu nepi ka nulis ieu karangan teu acan kapangaruhan ku dangding atawa guguritan ti „luar“. Conto-contona ku kuring diebrehkeun dina panutup buku ieu.
Pamendak ieu pikeun kuring jadi paneger yen wawangsalan nu mangrupa guguritan mah beubeunangan beh dieu.
Conto wawangsalan anu dua~ua pada tea, upamana bae sakumaha di handap ieu:
- Pamuradan Jatipiring, terusan desa Pagundan, laju ka Kuningan bae, Ciangsana Panulisan , Cihideung Wanayasa, aya haur sisi sumur, kubang tengah pasawahan.
Juragan kumaha kuring, raraosan asa gundam, lalesu teu nangan bae, ari ras ku kawaasan, keukeuh nineung nalangsa, suka dicabutnya umur, tinimbang jeung pipisahan. - Kukupu bodas kulawu, harimumu hideung deui, cat mancat ka bale kambang, ngait mayang ku kareumbi, badoang manuk badoang, eunteup dina pakuhaji.
Lucu ku nu bodas huntu, mun imut sok tuluy seuri, hanjakal ku tereh mulang, pikir ngait ti pandeuri, dagoan atuh dagoan, dagoan abdi rek jangji.
- Pamuradan Jatipiring, terusan desa Pagundan, laju ka Kuningan bae, Ciangsana Panulisan , Cihideung Wanayasa, aya haur sisi sumur, kubang tengah pasawahan.
Wawangsalan sarupa kieu ku kuring disebut dangding.
Conto-conto dina A, B jeung C sakur anu diberendelkeunana, kabeneran kabeh ge eusina teh silih asih.
Dina teorina, wawangsalan teh henteu tukuh geusan silih-