Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Asih bae, sabab bisa oge dijeun piwuruk atawa sesebred, tapi dina prakteknya mah, meh henteu aya anu nyieun piwuruk atawa sesebred ku wawangsalan teh.

Anu jadi sabab, bisa jadi lantaran teu karasa (atawa teu pati karasa) dayana, henteu sumeresep-sumeleket upama piwuruk jeung sesebred direka wawangsalan, teu cara dipake ngebrehkeun sura-hosing asmara-tresna, ceuk anu keur kaedanan mah mani asa bulat-beulit kana peuijit, sumarambah kana bayah, bawaning ku nyerep. Ana heug dihariringkeun, ku sora halon halimpu, milih lagu nu mardawa, bejana nepi ka sok aya anu ngalenggak bawaning ku mirasa.

Tah eta wawangsalan teh.

Rarakitan

Ieu teh kurang-leuwih sakarupa jeung pantun Melayu, nya eta iketan atawa rekaan anu diwangun ku opat ungkara. Ceuk basa deungeun mah disebutna kwatriyn.

Ditenjo iketanana jeung ngaranna bae oge geus ngabajakeun maneh, yen eta opat-ungkaraan teh saenya dua pasang, nya eta dua rakit. (Sarakit hartina sapasang).

Patali jeung papasangan tea, cangkang jeung eusi oge meh nyeples sakarupa, sabab cangkangna tea dipindo sawareh dina eusina. Ieu contona:

  1. Mihape sisir jeung minyak,
    kade kaancloman leungeun.
    Mihape pikir jeung niat,
    kade kaangsonan deungeun.

  2. Sapanjang jalan Soreang,
    moal weleh diaspalan.
    Sapanjang tacan kasorang,
    moal weleh diakalan.

22