Ka mana nya nyiar payung,
sakieu panas poena.
Ka mana nya nyiar duyung,
sakieu panas hatena.Lain bangban lain pancing,
lain kananga kuduna.
Lain babad lain tanding,
lain ka agan aduna.
Eta conto-conto kabeh oge nembongkeun silih asih, medalna rasa asmara-brangta anu aya dina galeuh. Ku sabrehan oge geus katangen, yen cangkang jeung eusi teh „masang” dina bagian hareupna, ari ka tukangna mah ngan ukur „padeukeut sora” bae.
Rarakitan tea oge cara wawangsalan bae, beunang dijieun piwuruk atawa sesebred. Ieu aya rarakitan nu eusina piwuruk:
Lamun nyai ninun kanteh,
ulah resep make poleng.
Lamun nyai leutik keneh,
ulah resep ngomong goreng.Meugeus diangir ku jeunjing,
geura ganti ku kihiang.
Meugeus ngibing unggal peuting,
geura ganti ku sambeang.Ulah ngeumbing aareuyan,
bisi lepot ninggang jurang.
Ulah teuing heuheureuyan,
bisi kolot meunang wirang.
Kawasna sakitu oge cukup ari sakadar conto bae mah. Ayeuna nembongkeun conto rarakitan dina sesebred: