Ngimpi ngajul kembang tanjung,
ari meunang nagasari.
Ngimpi tepung jeung nu jangkung,
ari gok jeung nu kamari.Aya kuda susurian,
hayangeun dikadalian.
Aya randa seuseurian,
hayangeun geura lakian.Ka mana si kalong hideung,
geus lila teu aya manting.
Ka mana si jangkung hideung,
geus lila teu aya meuting.Ti peuting disamping batik,
ti beurang tumpal bandera.
Ti peuting pagiling gisik,
Ti beurang papanggih era.
Ku conto-conto di luhur, muga-muga jadi tambah tetala, yen rarakitan teh hartina papasangan, nya eta sisindiran opat ungkara anu dina unggal ngamimitian ungkara sok mindoan kecap-kecap mimiti tina cangkangna.
Leuwih tetala: Dina rarakitan mah eusi teh sapotong sarua jeung cangkang.
Paparikan
Cek anu kungsi maluruh, „parik" jeung „parek" teh ti dituna mah saasal: hartina „deukeut". Dina elmuning jujutan kecap, sora I jeung E teh dina sawatara kecap mah memang rea keneh nu katara, sanajan kecap nu make sora I jeung nu make