sora E teh sawareh jadi beda tujulna, tapi sarua poko-hartina contona:
tilik = telek; titik = cecek; takir = taker; galih = galeuh (make pamepet panjang); nitis = netes; rakit = raket; racik = recek; angkiran = angkeran; pinaring = pinareng; nhening = ngaheneng jeung sapapadana.
Parik atawa parek hartina deukeut.
Jadi paparikan teh hartina deudeukeutan. Dina lebah dieu anu deudeukeutan teh sora atawa wianjana, ieu contona:
Leuleupeutan leuleumeungan,
ngarah kekejoanana.
Deudeukeutan reureujeungan,
ngarah tetenjoanana.Rincik-rincik hujan leutik,
paralak hujan tambaga.
Ngilik-ngilik ti leuleutik,
teu terang aya nu boga.Ka leuweung-leuweung ku dangdeur,
ka Bogor ngajual sela.
Ka deungeun-deungeun ku bageur,
kabogoh teu daek bela.
Dina eta conto anu tilu pada, ku nu awas mah moal teu katenjo padeukeutna sora antara: leuleupeutan + deudeukeutan; leuleumeungan + reureujeungan; kekejoan + tetenjoan; rincik-rincik + ngilik-ngilik; tambaga + nu boga; leuweung-leuweung + deungeun-deungeun; ka Bogor + kabogoh; ku dangdeur + ku bageur.