Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kacang panjang gegebengan, - sakieu darajat kuring.

Kacang panjang di sayuran, - bati ngageremet ati.

Abdi mah caruluk Arab, - henteu tarima teh teuing.

Gagang caruluk karadak, - pantes mun rek dinyenyeri.

Sok rajeun ngabuah kawung, - nyuruluk cipanon bijil.

Gedang atah keur lumayung, - engkang mah jelema ginding.

Beunying leutik sim kuring mah, - ari ras sok cimataan.

Beas ditutuan deui, - iraha bisa patepung.

Puguh ge ubar muriang, - nu hina leuwih ti misti.

Jukut jangkung pinggir gunung, - hate engkang panas peurih.

Cariang beureum beutina, - neda carlos nu puguh.

Cikur jangkung pamuraan, - paralay teuing nu geulis.

Kern bang bodas buah bunder, - ngaheruk nya pipikiran.

Kembang biru munggeng kubur, - mugi engkang welas-asih.

Daun tuhur na tangkalna, - ari ras ka diri nyai.

Tangkal pare parungpungan,- kudu ka pada utami.

Kendang gede pakauman, - dagdigdug rasaning ati.

Rehab jangkung di pandopo, - nalangsa lebeting galih.

Nyiruan genteng cangkengna, - masing mindeng pulang- anting.

Laleur hideung panyeureudan, - kilangbara urang jadi.

Cakcak gede kadal bilik, - ulah dipake mokaha.

Simeut jangkung panjang buntut, - entong karooh ku abdi.

Ekek lembut pupuntiran, - tingseredet kana ati.

Manuk hawuk beureum suku, - katingal keur imut leutik.

Puter putih saba lembur, - engkang seja bela pati.

31