Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Manuk rengge saba ulam, - sok komo lamun geus jadi.

Manuk tukung saba reuma, - uyuhan jadi ka nyai.

Hayam cempa lalayaran, - matak teuing nyeri ati.

Hayam sawah dipiara, - abong ka nu apes diri.

Kalong cilik saba gedang, - sumedot rasaning ati.

Careuh beureum pasawahan, - tur dusun leuwih ti misti.

Aya nu dianjing cai, - aya anu diheroan.

Ajag lembur Daramayu, - naha bet kalangsu teuing.

Lauk panjang dina parung, - ari emut merod pikir.

Senggal hideung saba ranca, - tembong lelewa nu manis.

Kadeuleu langgir caina, - kayap-keyep anu geulis.

Tutut gunung keong reuma, - sumangga geura gek calik.

Belut sisit saba darat, - kapiraray beurang-peuting.

Ruas awi dirorekan, - pikir asa selang- seling.

Bentang baranang di imah, -samar bisa tepang deui.

Langgir cai leumpang ngijing, - kadeuleu kayap-keyepna.

Kuring teh kamenyan koneng, - rumaos kawiwirangan.

Sok hayang kapancar panday, - kaparengkeun ka nu geulis.

Manuk beureum saba eurih, - hate asa didudutan.

Jagong tuhur beunang ngunun, - dunungan bagea sumping.

Kararas daun kalapa, - teu aya nu ngabangbrangkeun.

Monyet hideung sisi leuweung, - susah teu aya tungtungna.

Ngan bati ngajahe leuweung, - nya pikir puyang-payingan.

Lampu tilu damar dua, - moal ngarancabang pikir.

Meong tutul saba kasur, - cing atuh kumaha kuring.

Piring jati dulang leah, - tinggaleun kari waasna.

32