Sok matak ngagender-kayu, - matak bimbang pipikiran.
Paribasa petis cina, - hayang nepi ka cacapna.
Kutu baju kuar sinjang, - moal weleh tumarima.
Matak ngajampana bugang, - panasaran ku lenjangna.
Cikur jangkung pamuraan, - dunungan paralay teuing.
Abdi teh kapiring-leutik, - kaisinan ku gamparan.
Bendi panjang roda opat, - ulah kalah ka carita.
Mencek leutik saba alas, - abdi sanggem ngarencangan.
Teu puguh monyet hideungna, - asa teu puguh tungtungna.
Deukeut-deukeut anak taleus, - nyangkewok teu kanyahoan.
Sok matak kapiring leutik, - matak isin diri kuring.
Kembang biru di astana, - moal pegat-pegat asih.
Engkang teh ngajukut laut, - seger mun tepung jeung nyai.
Di Cikajang aya gunung, - asa paturay jasmani.
Abdi teh sok ngembang kawung, - jengkel teu ngareunah pikir.
Sieun teu kauntun tipung, - sieun teu kalaksanakeun.
Jawadah tutung biritna, - sacarana-sacarana.
Peuteuy leubeut panjang gagang, - ka diri saha nu watir.
| Sisindiran 3 | 33 |