Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

b. Bangbalikan dangding

Dangdanggula

Kembang cau jantung ati kuring, tungtung heurap jung- junan pun engkang, bolang situ buah hate, kulah jero timbang umur, *[1]) sumur deet ulah bon diri, mute beureum najan nyawa, *[2])) sumeja kahatur, kalakay daun kalapa, bisa temen ngabingbangkeun ati kuring, cangkir gedah sing welas.

Sampan gede kapalang geus jangji, munding belang sapisaur agan, cai kimpel estu sae, hapur jawa panuju, untun tipung laksana diri, sanajan petis Cina, cape siang dalu, tapi dumeh lapis kaca, rasa kuring kutu baju lisa samping, kantun tumarimana.

Sarangenge bijilna ti peuting, bulan ieu kali Pakalongan, pamali larangan gede , pameres cepil ratu, sasumpingna tarumpah kai, gamparan ulah lunta, montong nambang lembut, larangan ulah disorang, ulah soteh bok bilih dianjin& cai, aya nu ngaheroan.

Mega beureum surupna geus burit, ngalanglayung panas pipikiran, cikur jangkung jahe koneng, naha teu palay tepung, sim abdi mah ngabeunying leutik, ari ras cimataan, gedong tengah laut, ulah kapalang nya bela, paripaos gunting pameulahan gambir, kacipta salamina.

Kembang kawung teu ngareunah pikir, limus leutik jengkel ku gamparan, darnel teh mung ngabobodo, incu menak teu estu, dulur tatah satengah pikir, abo~g ka jalma hina, awi batur bitung, abdi dijieun lumayan, diri abdi manuk tegal kaput sisi,


34
 
  1. *) Leuwih saengang.
  2. *) Leuwih saengang.