siang-wengi, gunting pameulahan jebug, kacipta salamina, cikur jangkung jahe koneng, nahnay palay henteu ngeunah pipikiran.
Buah kawung raranggeuyan, curuluk abdi sok ce urik, henteu kiat nan dang brangta, mega beureum teMbong magrib, ngalayung diri abdi, sok asa ngarebab jangkung, sok nalangsa nya badan, menggah jalma anu laip, tihang damar sok rumanjug pipikiran.
Beulit cinggir simpay tangan, gamparan mah tangtu lali, ka jalma nu hINa nista, duh kieu rasana geuning, menggah nu apes diri, Walanda hideung serdadu, sok umambon sorangan, batur mah geuning teu mikir, daun kasap hate ngan bati ngahelas.
Japati suku garuda, moal hilap ka nu manis, puter bodas disayangan, rek belapati ka gusti, seja ngarencang ngabdi, gedong alus tengah Laut, 'mo alang-kumapalang, disepak saratus kali, moal weleh sumolondo serah badan.
Moal ngajampana bugang, moal panasaran pikir, lodong pondok dina galar, ngarasa untung nya diri, bagja lain saeutik, lamun kapalupuh nangtung, kapimilik nu lenjang, nu geulis jungjunan ati, untun tipung lamun laksana kasorang.
Buntut jarum pangaputan, matak kelar teuing ati, bulu panon wates taar, ari emut ka nu geulis, bale direka masjid, nya pikir bati rumanjug, tegal tengah nagara, laun-laun sugan jadi, lapis kaca engkang geus teu puguh rasa.
Peso pangot ninggang lontar, cacan katuliskeun diri, jampana bugang dadakan, panasaran mun can hasil, srangenge bijil peuting, rek sabulan rek sataun, 'mo weleh ngadagoan, sanajan kapegat pati, dadar tipung mun tacan kapirabi mah.
Gagang caruluk karadak, pantes 'mun rek nganyenyeri, bedog urang Darmaraja, kawantos abdi mah miskin, daun cau nu garing, tanah Mekah tempat waluh, ari ras cimataan, sok abong ka jalma laip, laleur hideung kieu rasa nu ngumbara.