Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kinanti

Abdi gaduh manuk alus, dipeserna dua duit, ewed pingaraneunana, silokana ekek leutik, kurungna gegerelengan, sumeredet pikir abdi.

Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka eulis, kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati, belut sisit saba darat, kapiraray siang-wengi.

Nya pikir ngageulang curuk, dilali-lali teu lali, cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis, tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

Gunting pameulahan jebug, kacipta teuing ku ati, sendok batok digagangan, duka mun sakieu gusti, sireum mungguhing cek Jawa,'mo emut ka diri abdi.

Jagong tuhur beunang ngunun, bagea nyai nu sumping, kembang jambe nembe beukah, kumayangyang pikir abdi, cisusu kentel dimasak, ulah tega-tega teuing.

Istuning ngadaun tuhur, ari ras ka linggih gusti, kalong cilik saba gedang, sumorodot pikir abdi, kembang biru pajaratan, ku bawaning sanget asih.

Lauk panjang dina parung, ari emut merod pikir, ekek lembut Pupuntiran, tingseredet kana ati, meri pendek kojay hayam, henteu negtog pikir abdi.

Anak munding masih nyusu, aduh eneng buah ati, belut sisit saba darat, kapiraray siang-wengi, kalong cilik saba gedang, matak sumorodot galih.

Pileuleuyan kebo gunung, ngadadak tineung nya pikir, kacang panjang disayuran, bati ngageremet ati, seupan sampeu beunang nyitak, mangkade kalulu-luli.

Baju alit tempat susu, pikir abdi untang-anting, geulang leutik munggang tangan, siang-wengi henteu lali, daun tuhur di tangkalna, ras eMut lebeting galih.

38