Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ku lucu nu bodas huntu, ari imut tuluy seuri, hanjakal ku tereh mulang, pikir ngait ti pandeuri, dagoan atuh dagoan, dagoan engkang rek jangji.

Cikapundung caah kiruh, urut hujan peuting tadi, samangka di Kalijaga, ngala antanan ka jami, daun pulus dilulunan, kaso ngaroyom ka cai.

Neda saur anu puguh, ulah matak nyeri ati, teu ayeuna sugan jaga, hoream ku dumeh lami, sugan tulus lalaunan, kasorang jadi ka nyai.

Keong mah kumaha susuh, 'na ayakan sair awi, sarikaya na lalayah, ngan bahe ka sisi-sisi, sireum rapang na patiman, kungkang dina sadagori.

Duh enung kumaha atuh, sangkan maksud urang jadi, subaya ulah sulaya, ngan bae engkang mah risi, sieun rama teu ngidinan, meureun engkang buang diri.

Ti Cisoka ka Cipaku, ti Jenar ka Cimandiri, sasabna di Cibarusa, badi pake nurih meri, sarangkana ditilaman, manuk hurang ti basisir.

Ulah waka buntu laku, nyieun onar diri abdi, sababna sabisa-bisa, abdi bade merih diri, sangkan bisa tinekanan, maksud urang bisa hasil.

Sinom

Ieu tembang sisindiran, laguna Sinom pangrawit, jalaprang kembang pongporang, jalantir di sisi jami, jalak hiber janari, ciung nyeuseup kembang tanjung, si Cempa lalayaran, kalong digogogan anjing, alun-alun di tengah aya bandera.

Engkang teh gaduh taksiran, malah mandar jadi kawit, kahayang sugan kasorang, kalah ku sering badami, bisa laksana diri, hulu datang ka lalanjung, teu beak panasaran, bogoh bati lanjang-linjing, laun-laun sugan poho dikaera.

Koleang kalakay pandan, kaos handapeun pipinding, hayam kate sisi empang, momonot sareng japati, parabna kembang

50