Kapinis ulah disumpit, tangkal muncang ngarangrangan, kembang kopi kembang kopo, karungkang pucuk karungkang, ngaleumeung cocongoan, jalanna ka Rajagaluh, batu tulis di sakola.
Nu geulis engkang rek pamit, doakeun ti kaanggangan, pacuan ulah rek poho, karuhan masing karuhan, cik mangga sosonoan, isuk mah urang pajauh, ku hayang papanggih heula. Koja Keling Jepang Hindi, artos ringgit dikarungan, balandongan ngujur ngaler, dina balandonganana, rea piring patumpang, tipung dina bangku lunjung, anak londok dipeujitan.
Bagja teuing tepang deui, tangtos leungit karungrungan, dilandongan lipur paler, dupi pilandongeunana, asal sering patepang, tepung ngarangkul rek munjung, ngarontok rek nyeungceurikan.
Anak japati ditulis, ngalayang ka sawah menak, eunteup dina pare koneng, disamberan ku galudra, indungna hihiberan, lir Rahwana ku Jatayu, anu ku Rama dipanah.
Bela pati ka nu geulis, teu ketang ngabuang sanak, da boga bebene koneng, nu miyuni lawon sutra, nu endah tanpa lawan, mun isuk ngumpulkeun bayu, sore matak genah manah.
Di jalan kareta api, dihalangan tukang pelat, kagerel kadempet erel, kondektur nu make bintang, mupul karcis nu tumpak, dibawa ka setatsiun, datang ka Bandung dibuka.
Sakalintang bungah ati, reh parantos nampi serat, ti nu beler urang kaler, sarta henteu tega mungpang, ka anu bijaksana, nu wibawa urang kaum, nu manis gunung kasuka.
Cileungsing dipake mandi, sasakna di balekambang, hayam kongkrongok di gedong, ditembalan ku titiran, karungkang kembang karungkang, [1] kukulu di buah manggu, pisitan buah kokosan.
Ari pikir hayang jadi, laksana hayang kasorang, hantem dilongok ditoong, mikiran weleh mikiran, ka istri nu saurang, lain kuru ku teu nyatu, mikiran mani hoshosan.
- ↑ Leuwih saengang.