Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

II. PAPARIKAN JEUNG RARAKITAN

a. Silih asih

Pileuleuyan daun pulus,
kararas daun katumpang,
Pileuleuyan ulah tulus,
masing ras ka nu di tukang.

Pileuleuyan tungtung pecut,
kararas cau manggala,
Pileuleuyan tungtung imut,
lamun welas kuring bawa.

Pileuleuyan eunteung beureum,
keretas daluang Cina,
Pileuleuyan anak deungeun,
ikelas kabina-bina.

Mihape sisir jeung minyak,
kade kaancloman leungeun,
Mihape pikir jeung niat,
kade kaangsonan deungeun.

Kasur jangkung bantal panjang,
nya bogo dika-caikeun,
Anu jangkung kuring melang,
nya bogoh urang jadikeun.

59