Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Sukur-sukur disundungan,
kuring mah nyair ka leuwi,
Sukur-sukur dipundungan,
kuring mah rek nyiar deui.

Kuring mah alim ka Bandung,
sieun ka Sumedang-hilir,
Kuring mah alim dicandung,
sieun ditinggalkeun kilir.

Kuring mah alim ka Bandung,
hayang ka Sumedang bae,
Kuring mah alim dicandung,
hayang ku sorangan bae.

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
sing emut ka diri abdi.

Baju tablo dibulao,
kembangna katuncar mawur,
Ari bogoh ti bareto,
terang-terang geus ka batur.

Baju kurung baju kutung,
hayang terang ngabedahna,
Saha itu nu ngalantung,
hayang terang ka imahna.

Ngaput baju kurang benang,
gantian ku kanteh bae,
Mun punuju geura teang,
kuring mah rek daek bae.

60