Kembang puring dipipitan,
kembang saga na panglari,
Ayeuna kuring pamitan,
sugan jaga tepang deui.
Kembang oyong didawolong,
cantigi dikali deui,
Samborong teu daek ngomong,
da enggeus lakian deui.
Jaksi belang jaksi hideung,
pandan laut kukuncungan,
Montong melang montong nineung,
urang imut panungtungan.
Melak solasih di pasir,
ngarambat kana kadaka,
ngarumbay kana campaka,
Kajeun teu kawin di lahir,
supaya dikawin jaga,
puntanganeun di naraka.
Puring handapeun kangkareng,
engkang-engkang ka dapurkeun,
Kuring abong jalma goreng,
ku akang dipanglacurkeun.
Koleang kalakay pandan,
amismata di susukan,
Soreang lain teu hayang,
cimata geura susutan .
Daun bakung di Babakan,
kadeuleu pucukna pites,
Si jangkung urang Babakan,
kadeuleu imutna pantes.
Kaca:Sisindiran.djvu/74
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
62