Abong-abong abdi bonteng,
seubeuh diacar diangeun,
Abong-abong abdi goreng,
seubeuh disangsara deungeun.
Isuk katung sore lodong,
ti beurang kari ruasna,
Isuk lantung sore toong,
ti beurang kari waasna.
Jeruk lemo jeruk butun,
diteundeun di ruyuk kaso,
Tilam sono ka nu kantun,
sampeureun isuk-pageto.
Juragan nu ngajul jeruk,
kuring anu ngadengdengan,
Juragan ulah rek giruk,
dumeh kuring ngagandengan.
Kadongdong amis caina,
meuli apel ditiiran,
Abong kena ka nu hina,
ngadamel bae lantaran.
Balingbing jadi di pipir,
kareumpeukan ku badori,
Kuring tacan tiis pikir,
mun tacan laksana diri.
Kopo condong di Cibogo,
kidang manjang di Cikajang,
leumpangna mipir basisir,
Lain nonggong ku teu bogoh,
lain nukang ku teu hayang,
tacan sawawi jeung pikir.
Kaca:Sisindiran.djvu/75
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
63