Ekek naek kana gedeg,
ngala iwung haur kuning,
Lamun daek masing panteg.
ulah ngabibingung kuring.
Ekek naek kana gedeg,
pacar teu geura kembangan,
Lamun daek masing panteg,
ulah asa kahalangan.
Kapinis di mana mandi,
mandina di cai leutik,
Nu geulis di mana jangji,
nya jangji omong saeutik.
Puyuh ngungkung dina kurung,
titiran dina irateun,
Isuk nguyung sore nguyung,
mikiran piduriateun.
Puyuh ngungkung dina kurung,
titiran manuk waliwis,
lsuk nguyung sore nguyung,
mikiran imut nu geulis.
Ciung dibawa ku heulang,
ka cai kundang cameti,
kole dibuah hanggasa.
Cium heula memeh leumpang,
pikiraneun ari tepi,
paeh teu nyaho di mangsa.
Waliwis di mana mandi,
nya mandi di pangguyangan,
Nu geulis di mana jangji,
nya jangji di panganjangan.
Kaca:Sisindiran.djvu/81
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
69