Ieu kaca geus divalidasi
Waliwis di Cibarusa,
tali kincir tambang Cina,
Keur geulis rea kabisa,
hanjakal belang etana
Lamun hayam dina korang,
meureun hese usik-malik,
Lamun heg henteu kasorang,
meureun paeh ge buncelik.
Sugan teh kukupu hideung,
sihoreng sirama-rama ,
Sugan teh kukuh nya tineung,
sihoreng ka mana-mana
Bangbara dina bangbarung,
kulit munding kahujanan,
Sangsara kuring dicandung ,
gulang-guling ngan sorangan.
Cika-cika los ka jami,
ngala gadung make halu,
Siga-siga anu kami,
matak lanjung rieut hulu.
Ecet-ecet oet-oet,
supa liat dina sumur,
Kapelet kuring kapelet,
duriat saumur-umur.
Ka mana jalan ka cai,
kana sempur ngarangrangan,
Ka mana nya nyebut nyai,
ka nu hapur cacarangan.
70