Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ka mana si kalong hideung,
manting deui-manting deui,
kade teu sono ka kejo,
Ka mana si jangkung hideung,
meuting deui-meuting deui,
kade teu sono ka bojo.

Malam teuweul-malam teuweul,
teuweul nyayang di astana,
Handeueul meureun handeueul,
kahayang henteu laksana.

Jaralang na amismata,
nyiar dukuh meunang ranji,
Ulah kapalang nya cinta,
masing kukuh kana jangji.

Bongan bangkong-bongan bangkong,
ka cai teu dimandikeun,
Bongan bohong-bongan bohong,
pasini teu dijadikeun.
 
Oray welang oray hideung,
oray sanca nali wangsa,
Ulah melang ulah nineung,
urang kawin di Salasa

Kaduhung kuring ka Lembang,
ka Lembang ka Cibiana,
Kaduhung kuring kagembang,
kagembang kieu rasana.

Kaduhung kuring ka Lembang,
rea jambe reujeung eurih,
Kaduhung kuring kagembang,
nya hate kalangkung peurih.

71