Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Panonpoe dengdek ngaler,
kahalangan daun cau,
Sapoe teu daek paler,
nyolok bae ka nu lucu.

Panas poe panyacaran,
lain panas kahuruan,
Panas soteh panasaran,
lain panas timburuan.

Santiong astana Cina,
opor meri dina piring,
Ngabohong kabina-bina,
nganyenyeri diri kuring.

Sakoteng dagangan Cina,
diwadahan pisin cangkir,
Nu santen kabina-bina,
matak prihatin nya pikir.

Kukuk ditanggung ku ruyung,
dilawanan ku badodon,
Nu jangkung ulah rek pundung,
bisi kuring henteu jongjon.

Cika-cika ku caladi,
kaliki melakna carang,
Jiga-jiga anu abdi,
kaciri calana komprang.

Kaca Bandung-kaca Bandung,
kapiting saba leleran,
Majar embung-majar embung,
ngajak meuting lolongseran.

76