Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi,
Nu hideung matak teu nangan,
matak paturay jasmani.

Baju tablo dibulao,
cing atuh pangistrikakeun,
Ari bogoh ti bareto,
cing atuh pangnyaritakeun.

Batur mah baju kimono,
puring mah dika-parakeun,
Batur mah dipikasono,
kuring mah disapirakeun.

Baju bodas kembang kayas,
kacipta bae surina,
Huntu bodas matak waas,
kacipta bae seurina.

Samping gadung juru tujuh,
carecet juru salawe,
Ari embung masing puguh,
ulah matak nyeri bae.

Samping hideung dina bilik,
kuma dituhurkeunana,
Kuring nineung ka nu balik,
kuma dituturkeunana.

Sarung kampuh juru tujuh,
carecet juru salawe,
saputangan juru lima,
Ari embung masing puguh,
mun daek ulah talangke,
dipuntangan sing tarima.

77