Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Leumeung teundeut cocongoan,
jalanna ka Rajagaluh,
Meungpeung deukeut sosonoan,
jaga mah urang pajauh.
 
Angeun kangkung sapariuk,
disiuk jadi sapiring,
Anu jangkung geura diuk,
sing karunya ka sim kuring.

Kejo ketan disaosan,
diwadahan piring jati,
Juragan kuring antosan,
nepi ka jangji nu pasti.

Masing asak-asak ngejo,
bisi tutung tambagana,
Masing asak-asak nenjo,
bisi kaduhung jagana.

Pare beureum rampak beukah,
celetu di pupuhunan,
Beubeureuh kasampak nyeupah,
nya imut dikarimbunan.

Sada ketuk sada kenong,
sada suling jeung karinding,
Sada nu batuk nu ngomong,
sada hariring nu ginding.

Sada ketuk sada kendang,
sada karinding di jami,
Sada celuk sora akang,
kuring ngantosan geus lami.

78