Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Daek kuring ngejo ngakeul,
lamun dulang rasamala,
Daek kuring nenjo nganteur,
lamun engkang kersa bela.

Kadu dijieunan lisung,
obat disalin ku ruhak,
tangkal tanjung migunungan,
Daek medu daek busung,
tobat sanes pisan ngunghak,
seja bade midunungan.

Samping batik juru tujuh,
tulisan juragan mantri,
cau ambon dikorangan,
Ari nampik masing puguh.
ulah mapanas nya ati,
nu ambon da ngan sorangan.

Hayang teuing geura beurang,
geus beurang rek ka Banjaran,
Hayang teuing geura beunang,
geus beunang teu panasaran.

Ka Banjaran ka Soreang,
ka Ciparay Majalaya,
Panasaran teu kasorang,
bati nahnay teu kawawa

Sapanjang jalan Soreang,
moal weleh diaspalan,
Sapanj ang tacan kasorang,
moal weleh diakalan.

Sok hayang nyaba ka Bandung,
ka Soreang Majalaya,
Sok hayang nanya nu pundung,
hayang terang kapalayna.

Sisindiran 6
 
81