Ieu kaca geus divalidasi
Ka Banjaran ka Cikajang,
ka Lembang ka Pangalengan,
Panasaran ku nu lenjang,
hayang leumpang rerendengan.
Cihandeuleum Padalarang,
oncom dage Cipaganti,
Handeueul ku nu saurang,
ocon ge lindeuk japati.
Melak pudak patengtongan,
diangler diludang deui,
Papendak jeung popotongan,
geus paler kahudang deui.
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancima oge hade,
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina oge hade.
Meuyeum ganas dina eurih,
dituruban ku jarami,
Henteu panas henteu peurih,
eta ge seredan kami.
Ka mana nya nyiar payung,
sakieu panas poena,
Ka mana nya nyiar duyung,
sakieu panas hatena
Boro cau-cau peang,
teu terang goreng senggehna,
Bora jauh-jauh neang,
teu terang goreng carekna.
82