Ieu kaca geus divalidasi
Samborong cau teh nanjeur,
sihoreng aya titiran,
Samborong jauh ge nganteur,
sihoreng aya pikiran.
Melak cau dina catang,
kacepet ku golondongan,
Najan jauh maksa datang,
kapelet ku popotongan.
Cau ambon dikorangan,
malati ka pipir-pipir,
Engkang nu ambon sorangan,
Nyai mah teu mikir-mikir.
Cau kepok cau raja,
cau lampeneng karoneng,
Taya repok taya bagja,
lapur ka nu jangkung koneng.
Piheuleuran melak cau,
ditinggalkeun kararasna,
Pileuleuyan mun pajauh,
ditinggalkeun wawaasna.
Mihape cau lampeneng,
bisi aya palapahna,
Mihape si Jangkung koneng,
bisi aya talatahna.
Kararas cau manggala,
geus eunyeuh tanjeurkeun deui,
Ari welas kula bawa,
geus seubeuh anteurkeun deui.
83