Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari cau, cau catang,
ari catang dicangreudan,
Ari jauh-jauh datang,
ari datang dibaeudan.

Palapah-palapah cau,
dibeungkeut carecet bae,
Geura nyingkah-nyingkah jauh,
deukeut ge cerewed bae.

Pucuk cau akar bangban,
amis mata di susukan,
Arek milu geuwat dangdan,
cimata geura susutan.

Melak cau akar hideung,
salombang dika-kalerkeun,
Ari jauh magar nineung,
geus datang mangnyelewerkeun.

Cau susu jantung hideung,
matak peunggas palapahna,
Lucu ku nu jangkung hideung,
matak waas ku polahna.

Rek palapah kana cau,
mun seuhang geura turuykeun,
Rek talatah ka nu jauh,
mun melang geura tuturkeun.

Na ka mana awi tali,
lucu ku awi wulungna,
Na ka mana nu kamari,
lucu ku gede gelungna

84