Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Awi haur parungpungan,
dituar kari ruasna,
Abdi nyaur panungtungan,
ditilar kari waasna.
 
Awi bitung awi wulung,
barala dapurna bae,
Anu jangkung ulah pundung,
dosa mah hampura bae.

Es lilin kalapa muda,
dibawa disorong-sorong,
Abdi isin teu kaduga,
nu enya dibohong-bohong.

Es lilin guiana pasir,
dijualna dua sasen,
Abdi isin nyeri pikir,
kaniaya ka papasten.

Es lilin buatan Bandung,
dibawa ka jalan gede,
Abdi alim mun dicandung,
didua mah mangga bae.

Es lilin ku amis tiis,
diseuseupan ku barudak,
Matak isin ku nu geulis,
dikiceupan bet ngadilak.

Es lilin aduh es lilin,
semu beureum digincuan,
Lah isin aduh lah isin,
beubeureuh bet geus incuan.

Es lilin buatan Bandung,
dijual dijingjing-jingjing,
Magar alim magar embung,
tapi neang pulang anting.

85