Ieu kaca geus divalidasi
Pikasureun dijarumat,
jarumna harga sasenan,
Saluhureun kudu hormat,
sasama kudu ajenan.
Ninun boeh pakan nunda,
ajur suri jeung taropong,
Anu paeh taya banda,
kantun diri ngajolopong.
Mawa peti dina sundung,
dibawa ka Nusa Jawa,
Pangarti teu beurat ngandung,
kabisa teu beurat mawa.
Mawa peti dina sundung,
ditumpangan ku karanjang,
Pangarti teu beurat ngandung,
tapi mangpaatna panjang.
Meugeus diangir ku jeungjing,
geura ganti ku kihiang,
Meugeus ngibing enggeus peuting,
geura salat sambahiang.
Jiga naon lauk Enun,
matak jadi kaheranan,
Mun maneh cucud jeung junun,
insya Allah tinekanan.
Lauk emas ngakan ganggeng,
disamberan ku japati,
Boga emas moal langgeng,
teu cara boga pangarti.
87