Ieu kaca geus diuji baca
Ulah nuar tangkal cau,
kujang seukeut dikadekkeun,
Ulah nyiar anu jauh,
anu deukeut ge daekeun.
Cau raja dina lombang,
nongtot cocongoanana,
Aya randa (duda) meunang bujang (lanjang),
pogot sosonoanana.
Cau raja seuseuhangan,
neangan kujang kadekeun,
Aya randa (duda) leuleumpangan,
neangan bujang (lanjang) daekeun.
Paingan cau teh kole,
da jantungna cocongoan,
Paingan budak teh lole,
da indungna bobogohan.
Supa mayang saboboko,
di ja]an ka Cimangeunteung,
Hayang temah ti bareto,
ayeuna kasorang tineung.
Di dinya Ioba gedangna,
gedangna parentil kabeh ,
Di dinya loba lanjangna,
lanjangna carentil kabeh.
Mending kokosan di kolong,
pisitan euweuh buahna,
Mending bogoh ka nu lolong,
ambeh euweuh lelewana.