Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/ 130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Tong hayang ngadodol kadu,
loba urat na esena,
Tong hayang ka tukang ngadu,
loba surat pakgadena.

Ecet-ecet dina kadu,
dikeprakan ku barangbang,
Kasep ge da tukang ngadu,
ari balik ditaranjang.

Calingcing calongcong cabe,
hujan-hujan langlayangan,
Cicing-cicing nyolong bade,
unggal bujang dilayanan.

Calingcing calongcong cabe,
dipacokan hayarn dua,
Cicing-cicing nyolong bade,
parnajikan hayang dua.

Pentil loa peujit hayam,
kanjut ge sarua konjen,
Kolot doa kuring hayang,
patut ge sarua goreng.

Gereleng bonteng di Serang,
kalapa tonggoheunana,
Nu koneng montong diteang,
sarua bogoheunana.

Peupeuyeuman-peupeuyeuman,
diragian ge teu amis,
Peupeureuman-peupeureuman,
diponian ge teu geulis.