Ieu kaca geus diuji baca
Kacapiring dina kajang,
diteundeun dina kaliki,
Kuring baheula mah bujang,
ayeuna mah aki-aki.
Kacapiring-kacapiring,
si Lutung luncat ka tungtung,
Bujang ginding-bujang ginding,
ari udud mulung kuntung.
Hiliwir seungit malati,
seungit minyak dina kompor,
Hiliwir seungit lalaki,
seungit menak jol ti kantor.
Tangkal bingbin kembang gambir,
nilas jalan mandalika,
Kajeun teu kawin di lahir,
puntanganeun di naraka.
Kikitir bako kikitir,
bako obrog dikantongan,
Kapikir beuki kapikir,
ngajedog di popotongan.
Kikitir di kebon eurih,
dipake ngala caruluk,
Sindir ge sapanggih-panggih,
sisindiran campuraduk.
Aya kawung sisi lembur,
ditinggur ku dadap ngora,
Bujang guyur salelembur,
marebutkeun randa ngora.
121