Lompat ke isi

Kaca:Sisindiran.djvu/ 144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Simeut hiris jangjang beusi,
jawadah bawa ti Mekah,
Geulis ge taya nu beuki,
lantaran goreng paningkah.

Kini-kini dina galeng,
rek katincak ku tikukur,
Nini-nini hulang-huleng,
rek diwedak euweuh pupur.

Kini-kini kuang-kuang,
katindihan kayu api,
Nini-nini liat hudang,
katindihan aki-aki.

Kini-kini kuang-kuang,
akeup-akeup peupeundeuyan,
Nini-nini palay tuang,
diakeup peupeureudeuyan.

Kini-kini dina keusik,
dicokotan budak odoh,
Nini-nini renghak-renghik,
teu kabagean gogodoh.

Kacapi boboko catang,
ngait rnayang ku kareum hi,
Kaimpi kabogoh datang,
hayang panggih ti kamari.

Kapiting ti Surabaya,
antanan dibalaburkeun,
Ngajak meuting teu subaya,
maranan dipangkaburkeun.

132